Rabu, 23 Desember 2009

KUJANG ROMPANG


Kujang Rompang

JASAD




Manjing kana waktuna

Ninggang kana mangsana

Muru maluru beh ditu

Nungtik nyungsi nu kamari

Hudang pikeun tandang nu kiwari

Ngundeur meureun ngala sugan

.. ..

Hana nguni hana mangke

Tan hana nguni tan hana mangke *

Aya baheula, aya ayeuna

Moal aya ayeuna mun euweuh baheula

.. ..

Aya indung, aya bapa

Indung nu ngandung bapa nu ngayuga

Aya indung, aya surga

Aya bapa aya dunya


Du’a indung jadi jimat

Jampe bapa jadi ubar

Pikeun lengkah

Pikeun tandang

Ngadekeun ajen Kisunda


Laku lampah nu utama

Nyebarkeun asih kasasama

Tingkah polah sing merenah

Sangkan panggih

kamulyaan

Kajembaran

Kawaluyaan

Karahayuan


Congkrang kujang ngajirim nonoman

Nu gede wawanena


Panceg dina galur

Salawasna akur jeung dulur

Panceg dina galur

Babarengan ngajaga lembur

Panceg dina galur

Moal ingkah najan awak lebur


Panceg dina galur

Salawasna akur jeung dulur.

Panceg dina galur

Babarengan ngajaga lembur

Panceg dina galur

Moal ingkah najan awak lebur


Munut ridho Gusti

Ngalap berkah Gusti

nu Maha suci


Munut ridho Gusti

Ngalap berkah Gusti

Sang Hyang widhi


Bral geura miang

Tandang makalangan

Nanjeurkeun kabeneran

Ngawangikeun bumi Pasundan


Sok geura hudang

Tandang makalangan

Sanghareupan musuh

Najan palastra nepikabinasa



Sakabeh nu gumelar didunya

Bakal panggih jeung ajalna

Ngan nu mangpaat pikeun sasama

Anu bakal abadi

Ngarana ditulis dina prasasti kahirupan

Laku lampahna turuteun pikeun anak incu



Kujang nu nyurup kana raga

Anu nyieup kana wanda

Ngajirim jadi nonoman sunda

Sinatria ti tanah pasundan


Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan

Teu keuna ku owah gingsir

Teu kasilih ku junti

Ganjaran nu belapati, satria santosa iman,

Sinatria pilih tanding Lalaki lalanang Jagat


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bagaimana pendapat anda tetang blog saya ?